Darso - Kantos Tepang Lyrics

Lyrics Kantos Tepang - Darso



Saupami henteu lepat
Urang asa kantos tepang
Mung bae duka iraha
Jeung asa duka dimana
Tah eta pisan reretna
Tah eta pisan dilakna
Kantos nyampai dina rasa...
Tepang tresna jeng salira
Sanaos urang teu tepang
Sanaos urang paanggang
Diri yakin anjeun surti
Salira oge saati
Yu atuh urang teang
Lalakon urang paanggang
Yu atuh urang dongkang
Sawangan antawis urang jeung urang
Saupami henteu lepat
Urang asa kantos tepang
Mung bae duka iraha
Jeung asa duka dimana
Tah eta pisan reretna
Tah eta pisan dilakna
Kantos nyampai dina rasa...
Tepang tresna jeng salira
Sanaos henteu patepang
Sanaos urang paanggang
Diri yakin anjeun surti
Salira oge saati
Yu atuh urang teang
Lalakon urang paanggang
Yu atuh urang dongkang
Sawangan antawis urang jeung urang
Saupami henteu lepat
Urang asa kantos tepang
Mung bae duka iraha
Jeung asa duka dimana
Mung bae duka iraha
Jeung asa duka dimana.



Writer(s): Uko H.


Darso - Tembang Abadi (Pop Sunda)
Album Tembang Abadi (Pop Sunda)
date of release
01-01-2007




Attention! Feel free to leave feedback.