Dian Piesesha - Rus Ras paroles de chanson

paroles de chanson Rus Ras - Dian Piesesha



Rusras, bingung nyieun pilihan
Hiji di antara nu duaan
Naha geuning sarua deudeuhna?
Nembrak niat haat mikacinta
Rusras, bingung nyieun putusan
Mana anu baris ditarima
Naha geuning sarua nyaahna?
Nembrak témbong satia cintana
Nu tiheula, geus sabar, leukeun nungguan
Teu kahalang sanajan kungsi kaselang
Raga anggang, asihna tetep ngalangkang
Teu kasilih satia, langgeng micinta
Nu pandeuri, datangna juuh cimata
Mawa béja lalakon anu sarua
Leungit asih kabandang ku anu liyan
Karep hayang micinta kana dirina
Rusras, bingung nyieun putusan
Mana anu baris ditarima
Naha geuning sarua nyaahna?
Nembrak témbong satia cintana
Nu tiheula, geus sabar, leukeun nungguan
Teu kahalang sanajan kungsi kaselang
Raga anggang, asihna tetep ngalangkang
Teu kasilih satia, langgeng micinta
Nu pandeuri, datangna juuh cimata
Mawa béja lalakon anu sarua
Leungit asih kabandang ku anu liyan
Karep hayang micinta kana dirina




Dian Piesesha - Hamdan
Album Hamdan
date de sortie
28-02-2014




Attention! N'hésitez pas à laisser des commentaires.