Doel Sumbang - Jampe Harupat (2022) Lyrics

Lyrics Jampe Harupat (2022) - Doel Sumbang



Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Sing jauh tina maksiat, anaking
Ngarah salamet akhérat
Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Susah-senang omat shalat, anaking
Beunghar kadé poho zakat
Jampé-jampé harupat
Pék dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék hirup saumur dunya
Jampé-jampé harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék cacap engké sareupna
Ulah rék aral subaha, anaking
Sing percaya ka nu Kawasa
Sagala nu karandapan ku hidep
Tangtuna bongan sorangan
Ti bapa, ieu pépéling
Ngarah hidep hirup salawasna éling
Heunteu beurang, heunteu peuting
Hidep kudu soléh satungtung nyaring
Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Sing jauh tina maksiat, anaking
Ngarah salamet akhérat
Jampé-jampé harupat
Geura gedé, geura lumpat
Susah-senang omat shalat, anaking
Beunghar kadé poho zakat
Jampé-jampé harupat
Pék dudunya satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék hirup saumur dunya
Jampé-jampé harupat
Prak ibadah satakerna
Lir ibarat hidep di dunya
Rék cacap engké sareupna
Ulah rék aral subaha, anaking
Sing percaya ka nu Kawasa
Sagala nu karandapan ku hidep
Tangtuna bongan sorangan
Ti bapa, ieu pépéling
Ngarah hidep hirup salawasna éling
Heunteu beurang, heunteu peuting
Hidep kudu soléh satungtung nyaring



Writer(s): Doel Sumbang


Doel Sumbang - Jampe Harupat (2022)
Album Jampe Harupat (2022)
date of release
19-09-2022




Attention! Feel free to leave feedback.