Sule - Ngalanglayung paroles de chanson

paroles de chanson Ngalanglayung - Sule



Hujan girimis
Murubut maseuhan damis
Reumbayna citangis
Sumegruk haté ngaleungis
Seuseuiteun
Sok sieun kawas nu enggeus
Mitineung tibarang panggih
Ngan ukur mawa kasedih
Ku harianeun, anjeun dipisanding deungeun
Sanajan haté leutik mah teu mikeun
Nu akhirna kabungah ganti ku bingung
Duh, geuring nangtung ngalanglayung
Pileuleuyan buah haté
Kiwari geus teu maliré
Ngan saukur ka kuring meumeuli haté
Horéng anjeun buktina midua haté
Pileuleuyan, pileuleuyan
Kiwari séwang-séwangan
Sugan téa anjeun téh seja mihéman
Ayeuna mah ngan saukur panineungan
(Ah-ah-ah)
Ku harianeun, anjeun dipisanding deungeun
Sanajan haté leutik mah teu mikeun
Nu akhirna kabungah ganti ku bingung
Duh, geuring nangtung ngalanglayung
Pileuleuyan buah haté
Kiwari geus teu maliré
Ngan saukur ka kuring meumeuli haté
Horéng anjeun buktina midua haté
Pileuleuyan, pileuleuyan
Kiwari séwang-séwangan
Sugan téa anjeun téh seja mihéman
Ayeuna mah ngan saukur panineungan




Sule - Ngalanglayung
Album Ngalanglayung
date de sortie
02-04-2019




Attention! N'hésitez pas à laisser des commentaires.