Darso - Rika Rafika Bangbung Hideung текст песни

Текст песни Rika Rafika Bangbung Hideung - Darso



Bangbung Hideung bara-bara teuing diri
Leuheung bari diangge ka Sukagalih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareng bebendu unggal ti
Salira juag awi teh pangajul buah lantaran kitu
Sora bedil luhur mega paripaos
Teu paya lepat saeutik
Diri abi kagamparan
Eeh banondari
Nu geulis kawanti-wanti
Nu endah na malih warna puputon kembang kadaton
Jungjunan
Lamun teu kauntung tipung
Katambang beas laksana kapiduriat
Matak paeh ngabale bangke
Matak edan leuleuweungan
Matak paeh ngabale bangke
Matak edan leuleuweungan
Matak paeh ngabale bangke
Matak edan leuleuweungan
Aduh alah iyeung da leuleuweungan
Aso-aso lali wao-wao waeng
Aso-aso lali wao-wao waeng
Aya ucap paribasa
Sarung bantal mungguh cipruk
Seep saputangan hiji
Ceurik balas ku nalangsa
Abdi nalangsa
Nguping hujan tengah wengi
Diimah keueung sorangan
Nguping hujan tengah wengi
Diimah keueung sorangan
Nyagigir asa gigireun
Nangkarak asa luhureun
Nyagigir asa gigireun
Nangkarak asa luhureun
Aduh alah iyeung asa luhureun
Aso-aso lali wao-wao waeng
Aso-aso lali wao-wao waeng
Jung nangtung asa lalanjung
Gek diuk asa tiguling
Leumpang asa da ngalong kewang




Darso - Kompilasi Lagu Sunda Legendaris
Альбом Kompilasi Lagu Sunda Legendaris
дата релиза
07-05-2018




Внимание! Не стесняйтесь оставлять отзывы.