Darso - Kustian Ema текст песни

Текст песни Kustian Ema - Darso



Ema hampura abdi hampura
Diri rumasa tos seueur dosa
Ka ema anu sakitu asihna
Kumahaa mulangkeunana
Ema bukakeun lawang hampura
Diri sangkan pinanggih jeung bagja
Upami salira teu ngahampura
Niscaya hirup teu guna
Salapan sasih lamina
Abdi dikandung ku ema
Dugikeun kasiksa raga
Ema henteu ngarasula
Gubragna abdi ka dunya
Teu lepas ti jasa ema
Nu pinuh ku rasa ikhlas
Teu sirik narohkeun nyawa
Abdi bisa beunta ku ka nyaah ema
Cape tang nyarita ku asih ema
Emaaa Abdi hampura




Darso - Kompilasi Lagu Sunda Legendaris
Альбом Kompilasi Lagu Sunda Legendaris
дата релиза
07-05-2018




Внимание! Не стесняйтесь оставлять отзывы.