Doel Sumbang - Awewe Sapi Daging paroles de chanson

paroles de chanson Awewe Sapi Daging - Doel Sumbang



Sanés atuh, Ibu
Saterang abdi mah sanés kitu
Kedah tiasa ngabéntenkeun
Mana émansipasi, numana éman si sapi
Upami modél kieu mah éman si sapi
Aya awéwé jaman ayeuna
Ngaku awéwé modéren
Berkarier penuh obsesi
Sagala hayang siga lalaki
(Halah! Bade ngalawan kodrat wae neng?
Gering! Gering!)
Ceunah émansipasi
Bari uteukna teu ngarti
Bisnis beurang peuting
Bisnis naon duka téh teuing
Salakina di imah ngajaga tulak panto
Anakna diasuh cukup ku suster jeung babu
Hayang mobil méwah ngabelaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki ceunah duitna teu cukup waé
Emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis
Padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak
Awéwé nu kieu lain awéwé modéren
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut émansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad
Kadé, Téh
Émansipasi teh persamaan hak laki-laki dengan perempuan
Tapi hanya yang positif-positifnya saja
Ari nu goréng patutna mah montong atuh euy
Da teu meunang ngalawan kodrat hirup mah euy
Heeh lah
Paribasa hayang maju maké jeung hayang jadi bapa sagala rupa
Single parent téték bengek
Kumaha éta kebutuhan biologis ari teu gaduh carogé mah
Heh! Alah, si étéh mah éteh étéh
Dasar!
Aya awéwé jaman ayeuna
Ngaku awéwé modéren
Berkarier penuh obsesi
Sagala hayang siga lalaki
(Moal bisa atuh)
(Istri mah janten istri pameget janten pameget nya)
(Kitu da di mana-mana ogé)
Ceunah émansipasi
Bari uteukna teu ngarti
Bisnis teu beurang teu peuting
Bisnis naon duka téh teuing
Salaki di imah ngajaga tulak panto
Anak diasuh cukup ku suster jeung babu
Hayang mobil méwah ngabelaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki ceunah mah teu cukup waé
(Teu bisa tumarima nya euy)
Emas berlian renceum majar ngaku tina bisnis
Padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak
Awéwé nu kitu lain awéwé modéren
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut émansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad
Awéwé nu kitu lain awéwé modéren
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut émansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad, Nyai
Awéwé nu kitu lain awéwé modéren
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut émansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad
Awéwé nu kitu lain awéwé modéren
Tapi sapi daging peunciteun tukang jagal
Nganut émansipasi kaluar tina aturan
Montong ngawalan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad



Writer(s): Wachyoe Affandi


Doel Sumbang - Compilation




Attention! N'hésitez pas à laisser des commentaires.