Doel Sumbang - Ema (Edanna Manusa) paroles de chanson

paroles de chanson Ema (Edanna Manusa) - Doel Sumbang



Ema...
Keur naon silaing, Ema?
Eta sirah gudag-gideug
Make kacapanon hideung
Ema...
Geura balik silaing, Ema
Hayam jalu geus kongkorongok
Panon poe tereh bijil
Ema...
Na keur naon silaing triping, Ema?
Pan geus puguh gara-gara triping, Ema
Hirup silaing jadi pakusut
Mimiti harga diri nepi ka kahormatan
Dimurah-mareh ngabelaan ekstasi
Mimiti harga diri nepi ka kahormatan
Ludes teu nyesa dituker ku ekstasi
Ema...
Sing nyaah ka diri sorangan, Ema
Ema...
Sing karunya ka indung-bapa
Ema...
Geura balik silaing, Ema
Hayam jalu geus kongkorongok
Panon poe tereh bijil
Ema...
Na keur naon silaing triping, Ema?
Pan geus puguh gara-gara triping, Ema
Hirup silaing jadi pakusut
Mimiti harga diri nepi ka kahormatan
Dimurah-mareh ngabelaan ekstasi
Mimiti harga diri nepi ka kahormatan
Ludes teu nyesa dituker ku ekstasi
Ema...
Sing nyaah ka diri sorangan, Ema
Ema...
Sing karunya ka indung-bapa
Ema...
Keur naon silaing, Ema?
Eta sirah gudag-gideug
Make kacapanon hideung
Ema...
Geura balik silaing, Ema
Hayam jalu geus kongkorongok
Panon poe tereh bijil



Writer(s): John Seme & Johan Molan


Doel Sumbang - Compilation




Attention! N'hésitez pas à laisser des commentaires.