Doel Sumbang - Genah Merenah Tumaninah paroles de chanson

paroles de chanson Genah Merenah Tumaninah - Doel Sumbang



Kuring boga baraya
Urang jalan Pasir Koja
Ngaranna Odoy Sobarna
Usahana rupa-rupa
Ti mimiti dagang topi
Sendal, sapatu, jeung rompi
Nepi ka dagang bandéra
Da dasar di kaki lima
Ceuk Mang Odoy ayeuna mah
Dagang téh salsé jeung ngeunah
Béda pisan jeung baheula
Dagang kudu culang-cileung
Sok sieun kurunyung Tibum
Malah Mang Odoy nyarita kieu
Kuring boga baraya
Asli urang Leuwi Dulang
Ngaranna Ojay Sumpena
Usahana kana ngabéca
Ti beurang nepi ka peuting
Tara eureun mandi késang
Ngaboséh satengah édan
Sangkan kaudak setoran
Ceuk Mang Ojay ayeuna mah
Ngabéca téh bisa ka kota euy
Béda pisan jeung baheula
Ngabéca teh culang-cileung
Da sieun ditéwak pu-li-si
Malah Mang Ojay nyarita kieu
Kuring boga baraya
Ari ngaranna Nyi Sari
Kusabab kulitna hideung
Nya nelah Nyi Sari Item
Usahana dagang daging
Langganannana loba
Ti mimiti nu ngaduda
Nepikeun ka mahasiswa



Writer(s): Wachyoe Affandi


Doel Sumbang - Bong A Bong
Album Bong A Bong
date de sortie
01-01-2000




Attention! N'hésitez pas à laisser des commentaires.