Sundanis - Randa Ngora Hade Rupa paroles de chanson

paroles de chanson Randa Ngora Hade Rupa - Sundanis




Oyy itu aya randa, da meuni geulis
Kacida, hade rupa hade basa
Nu mantak akang kagoda
Ieu nyaritakeun babaturan urang mimitina dina
Facebookan (kenalan) jeung hiji awewe rupana
Geulis pisan nyambung ka bbm janjian pahlawan
Ngobrol ngaler ngidul meunya teuing wadul
Tapi katingali namaha jiga nu betul,
Nongkrong di merdeka meuli tahu gejrot
Abi hayang di foto eneng kalah nyorongot
Mimiti panggih geus ngalenggehan
Akang jadi teu puguh rarasaan
Henteu weuleh sagala ditawaran
Bari mayar mamah sorangan
Oyy itu aya randa, da meuni geulis
Kacida, hade rupa hade basa
Nu mantak akang kagoda
Sugan teh umurna 20an ari pek geus 29
Saha nyangka atos buntutan
Salirana alit raragi disakolaan
Di kacamata rambut na di poni
Gayana budak gaul, tren masa kini
Anu geulisna kawanti wanti
Sawios neng randa akang mah nampi
Nu geulis putra hiji tapina akang nampi
Nu geulis mirip berbi, lucu pipina cabi
Sawios tilas batur akang mah cadu mundur
Panceg dina galur batur sakasur
Oyy itu aya randa, da meuni geulis
Kacida, hade rupa hade basa
Nu mantak akang kagoda
Tuluy manehna ngajak kaimahna
Hate bagja kacida bungahna
Sumanget di dada moal aya dipojok
Ku si eneng nu dipikacinta
Pas nepi kaimahna kaget kacida
Aya budak leutik ngangegeroan ema
Kuring gogodeg bari nyabak dada
Sugan teh gadis ari pek teh randa



Writer(s): Bornfri Situmorang


Attention! N'hésitez pas à laisser des commentaires.