Doel Sumbang - Syirik текст песни

Текст песни Syirik - Doel Sumbang



Sok aya éta téh, nya?
Jelema modél kieu yeuh
Lamun urang meunang milk gedé
Jol nyampeurkeun ka urang téh
"Aduh, ngiring bingah"
"Ngiring atoh, ngiring bagja"
Lamun seug mah bener
Perasaannana kitu, wah, hadé pisan
Tapi lolobana nyaritakeun téh bari panas éta téh
Geus panas, terus timbul wéh syirik
Terus begitu balik, nanyakeun ka babaturanna
"Nyegik si éta téh mereun nya?"
Sok aya éta téh bahasa model kitu téh, Mang Usép, tah
Apal meureun Mang Usep mah nya?
Ah, aya-aya waé
Gaduh cepil, seueur dadangu
Gaduh lambey, seueur carios
Padamelan pa ting haréwos
Ribut-ribut soal artos (alah)
Lamun sobat leubeut ku banda
"Ngiring bingah", alah paribasa
Sing horéng geuning haténa
Renjul kawas tonggong onta
Ari bengeut nyanghareup
Tapi haté nunggelik
Bari uteuk pabeulit
Tungtungna jadi werejit
Amit-amit bararait (cuih!)
Diharudung ku syirik bidik
Disimbutan ku goréng sangka
Bacéo ka mana-mana
Ngarah batur milu ngéwa
Batur teu nyaho nanaon ogé, didongéngan geura
Isuk-isuk, beurang, soré, peuting
Supaya milu gelo, milu ngabangus
Mun urang enya, enya, rék milu sukur, milu bingah mah
Sing rido, tong maké jeung aya émbél-émbél
Ngiprit? Ka mana atuh ngiprit?
Nyegik? Di mana? Di guha mana?
Insaf
Rupa-rupa manusia, nya?
Gaduh cepil, seueur dadangu
Gaduh lambey, seueur carios
Padamelan pa ting haréwos
Ribut-ribut waé soal artos (artos batur deui)
Lamun batur leubeut ku banda
"Ngiring bingah", ukur paribasa
Sing horéng geuning haténa
Renjul kawas tonggong onta
Ari bengeut nyanghareup
Tapi haté nunggelik
Bari uteuk pabeulit
Tungtungna modél werejit
Amit-amit bararait (cuih!)
Diharudung ku syirik bidik
Disimbutan ku goréng sangka
Bacéo ka mana-mana
Ngarah batur milu ngéwa
Lamun partai mah nu kitu téh
Kampanyeu meureun, Mang Omén
Kampanyeu, yeuh, Usri, Usep, Upri
Atawa naon lah, teuing



Авторы: Doel Sumbang


Doel Sumbang - Syirik
Альбом Syirik
дата релиза
20-09-2023

1 Syirik




Внимание! Не стесняйтесь оставлять отзывы.