Dian Piesesha - Bentang Panyileukan Lyrics

Lyrics Bentang Panyileukan - Dian Piesesha



Béntang panyileukan
Gumawang di awang-awang
Anteng keyeng harepan
Keueung mun teu patepang
Béntang panyileukan
Masieup éndahna peuting
Marengan ratug jajangkung
Ngait pikir, melang haté
Kiceup anjeun
Kiceup anjeun nu mawa harepan
Haté kuring
Jadi bungangan
Kiceup-kiceup anjeun
Nu moal laas kahéman
Najan anggang, tong hariwang
Batin mah tetep marengan
Némbongan dina impian
Ngan béntang panyileukan
Béntang panyileukan
Masieup éndahna peuting
Marengan ratug jajantung
Ngait pikir, melang haté
Kiceup anjeun
Kiceup anjeun nu mawa harepan
Haté kuring
Jadi bungangan
Kiceup-kiceup anjeun
Nu moal laas kahéman
Najan anggang, tong hariwang
Batin mah tetep marengan
Némbongan dina impian
Ngan béntang panyileukan
Ngan béntang panyileukan




Dian Piesesha - Hamdan
Album Hamdan
date of release
28-02-2014




Attention! Feel free to leave feedback.