Doel Sumbang - Bong Abong Ke Jalma Leutik Lyrics

Lyrics Bong Abong Ke Jalma Leutik - Doel Sumbang




Dingding kiripit tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Bulu pare memencosna
Dingding kiripit jalma leutik kacapit
Kacapit ku nu garede
Nu gede taya seubehna
(Manga kanu arageung lebok tah sadayana nepi kamerkaan sugan,)
(Da di aherat mah di kongkorongkeun kana beheungna)
Resikona jalma leutik
Kacapit teh unggal usik
Boga imah imah leutik
Meunang milik ngamprah listrik
Hese...(hese) kawas newak haseup
Naha ari jalma gede
Ngabangun ratusan imah
(Abrakadabra)
Menta isuk hurung sore
Resikona jalma leutik
Kacapit teh unggal usik
Mun maling lantaran lapar
Mani jadi kacampangan
Bari... benyut digebugan
Naha ari Edi Tansil
Nu geus puguh garong gede
(Abrakadabra)
Loba anu hare hare
Resikona jalma leutik
Kacapit teh unggal isuk
Lamun sedih pareum geuring
Teu wani ka rumah sakit
Kusabab, duit kudu ti heula
(Gararandeng lah)
Sabab nenjo jalma seuseut
Dokter sok mariceun beungeut
(Si nurus tunjung ngadon ngomong) "da maot mah tos takdir "
Resikona jalma leutik
Kacapit teh unggal usik
Boga banda teu sapira
Tuluy ludes kabangsatan
Jarang...(jarang lah)nu milu mikiran
Naha ari jalma gede
Leungit motor butut oge
(Abrakadabra)
Polisi. saribuk kabeh
Resikona jalma leutik
Kacapit teh unggal usik
Boga imah imah leutik
Meunang milik ngamprah listrik
Hese...(hese euy)kawas newak haseup
Naha ari jalma gede
Ngabangun ratusan imah
(Abrakadabra)
Menta isuk hurung sore
Dingding kiripit jalma leutik kacapit
Abong hirup hararese
Sok di jieun anak tere
Mun maling lantaran lapar
Mani jadi kacampangan
Bari... benyut digebugan
Naha ari Edi Tansil
Nu geus puguh garong gede
(Abrakadabra)
Loba anu hare hare
Dingding kiripit jalma leutik kacapit
Abong hirup hararese
Sok di jieun anak tere
Lamun sedih pareum geuring
Teu wani ka rumah sakit
Kusabab, duit kudu ti heula
Sabab nenjo jalma seuseut
Dokter sok mariceun beungeut
(Bari nyarita)
"Da maot mah geus takdir "
Dingding kiripit jalma leutik kacapit
Abong hirup hararese
Sok di jieun anak tere
Boga banda teu sapira
Tuluy ludes kabangsatan
Jarang...(jarang lah)nu milu mikiran
Naha ari jalma gede
Leungit motor butut oge
(Abrakadabra)
Polisi. saribuk kabeh
Dingding kiripit jalma leutik kacapit
Abong hirup hararese
Sok di jieun anak tere




Attention! Feel free to leave feedback.